Hiji waktu, binaragawan internasional, Kang Adé, jajan ka warung. Kabeneran, nu ngawarung téh randa geulis, ngora kénéh, ngan rada budeg, pleus rada télmi.
Kang Adé: "Punten, Téh, aya endog...?"
Tukang warung: "Badé mésér naon, Kang?" (bari rada kerung)
Kang Adé: "Endog, Téh."
Tukang warung: "Naon, Kang? Kirang jelas...."
Kang Adé: "Endog, Téh...!"
Tukang warung: "Kumaha, Kang?"
Ahirna Kang Adé inisiatip, nyénglédkeun lengan baju, bari peragaan otot tangan. Meni menjendol otot leungeunna téh, siga endog. Tukang warung surti, pokna: "Ooooh, endog kang? Mangga ateuh...!"
Teu lila, "Naon deui, Kang?"
Kang Adé: "Mésér tahu sakalian..."
Tukang warung: "Naon Kang? Kirang kadangu...!"
Kang Adé: "Tahuuuu, Teh...!" (mimiti keuheul ogé)
Tukang warung: "Kumaha?"
Kang Adé nyingsatkeun bajuna, bari némbongkeun otot perutna, meni kotak-kotak siga tahu. Tukang warung curinghak, bari pokna: "Ooohhh, tahuuu..., sakedap atuh nya, Kang...." (bari mungkus tahu na pelastik)
"Teras peryogi naon deui, Kang?
Kang Adé: "Ngagaleuh térong...!"
Tukang warung: "Naon, Kang?"
Kang Adé: "Terroooong!"
Tukang warung: "Kumaha, Kang? Kirang jelas...."
Kang Adé keuheul, langsung muka calanana, bari némbongkeun jeroanana. Tukang warung sunyam-senyum, bari pokna béntés: "Ooooh, Céngééék!" (bari ngawadahan céngék, meni 'penuh perasaan'....)
source: facebook
No comments:
Post a Comment