• Hong!

    Sapohara-poharana Ihlas

    "Neneng, ieu omat ulah ditampik. Pamasihan Bapa tong janten emutan, sok geura ditampi, geulis..." Sora anjeuna leuleuy, wirahma awor nyanding komara. Enyaan, perbawa jalma linuhung pinuh ku elmu. Teu salah mun disebut jalma alim oge, da cenah kungsi kuliah di timur tengah sagala. Loba pangaweruh, ngawasa basa, pinter biantara. Gaul jeung batur estuning someah jeung hade budi. Kuring ngeluk, tapi teu lila.

    "Leres Bapa teh? Ah, bohong nyaa..." Teu poho bari nanya teh mata rada ngadilak ogo. Jero dada gumaligah. Kareret, sirah nu geus dipapaesan huis teh unggeuk, sorotna pinuh kadeudeuh. Lalaki jugala diukna beuki deukeut, adek pagigir-gigir luhureun kasur cap bentang lima. Leungeun katuhuna ngaleng. Pluk konci kontak, ditaleukum ramo-ramona luhureun rok beureum. Hate ngageter.

    "Tong boro Jazz, Neneng... Freed, Navara, Pajero, atawa naon wae nu Neneng resep, ku Bapa bakal dipasihkeun ka salira. GRATIS. Ihlas. Bapa mah moal nyuhunkeun dibayar. Teu kedah digentosan ku nanaon..."

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi