• Hong!

    Akad

    Samenit asa ratusan sekon. Karérét Pa Naib ngaharewos ka saksi, Mama Haji. Sawaréh mimiti gegerendengan. Tapi, keun waé lah. Pira nungguan. Rasa bagja mancawura.

    Daek dijodokeun téh kusabab dua alesan. Kahiji, ti baheula gé bogoh ka Néng Mila. Geulis, wantér. Kaduana, hutang budi. Ti saprak Bapa lunta, Ema katalangsara. Kajaitna ku jadi rencang di kulawarga Pa Darma. Kuring disakolakeun. Geus lulus, diangkat gawé. Dipercaya. Ayeuna, lain ngan ukur nyekel pausahaan, ogé dipénta ngarumat putri tunggalna.

    “Kumaha ieu téh?” calon mitoha nanya bojona. “Sabar, Apana!” Ras inget ka nu dianti-anti. “Mila mah alim ka Ikin, Apa! Aliim!!” gorowokna harita. Ngamuk. Nyambat-nyambat ngaran “Hendra”. Teuing kumaha, ahirna satuju nampa. Sapuk, hajat rongkah dibuka akad.

    Pa Darma curinghak. Adina ngarandeg di juru panto, kahalangan ku nu rempeg ngariung. “Mana?” Nu ditanya rampang-reumpeung. “Parantos...” meh taya soara. Pa Darma ngagentak, “Naon? Sing tarik!”

    Soak. Tagiwur. Gep kana mikropon, teu kawawa. “Tos… babar!” Hing ceurik.

    (kenging: YusKa Sadewata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi