• Hong!

    Amplop Keur Asih

    Rumahuh. Ihsan geus teu sabar nungguan. Rét. Jarum jam siga nu ngalélewé. Muterna leuwih lémbon ti biasana. Geus liwat lima menit. Lampu mobil nu larsup ngariceupan. Nitah bérag. Tapi bangbaluh teu nyingray waé. Pipikirannana sapulas jeung reueukna langit nu méh bedah cimata.

    Semu rusuh. Asih ninggalkeun plasa mal nu marakbak caang. Aya selah, muru nu rék buméla. Sakalian niiskeun ceuli tina réangna sora. Ngalogoran ambekan nu pinuh ku hawa balanja jeung rupa-rupa promo pangbibita.

    “Ieu, candak waé heula.” Ihsan masrahkeun amplop. Eusina lambaran-lambaran pangharepan jeung du’a beurang peutingna. Asih ngalimba. “Nuhun, Kang... hapunten wangsul tipayun. Kumaha atuh da Ema karugrag,” walonna. “Keun waé, Sih....” Teu kebat. Hapé Asih nirilik disada.

    “Enci tos réngsé perawatan wajah, Kang. Diantos sumping Lebaran, nya.” Ihsan imut leleb. Teuteupna deudeuh, nganteurkeun nu indit dicaluk dunungannana. Ras ka Emana. “Bolay heula, Ma....” Ngaléngkahkeun suku cingkedna. Ngajingjing émbér jeung parabot ngepél. Neruskeun hanca.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi