Angin soré nebak ngahiap-hiap. Nyambuangkeun harepan Indra. Mumbul. Ngabelesat miheulaan raga. Nu rengkung nandangan gandrung. Nu begang nyeuseup kasmaran. Nganti-nganti di mangpirang-pirang wanci. Teleb miharep béja nu datang. Euntreup dina layar burinyay. "Aa, diantos ku Nina malem minggon nya. Abah hoyong tepang!"
Nyemprung. Babawaan, di sabeulaheun. Pangdiukan Si Cikal, saban dianteur ka sakola. "Kaka pingin ketemu Mamah, Pah..." Deudeuh. Patékadan mubus méga panyawangan. Lalayaran dina lambak-lambak pangharepan. "Gaganti nu mulih ka jati, muga tinekanan, Anaking...."
"Teu kira-kira! Ngahinakeun! Awug, ti duda kéré téh?" sora awéwé ngagantawang. Nina kareungeu ngingsreuk. Di rohang tamu, bapana rumahuh. Teu wasa. "Hampura, Cép..." Indra ramohpoy. "Teu sawios, Abah. Hapuntenna..., mung awug. Kagegelan ti Pun Biang...." Ngalénghoy muru tungtung gang. Pait! Lain rasa lémbéréhna gula awug.
Harita, langit Bandung nyaksian. Basa panto Pajéro dibuka haté nu peunggas, leungeun nu nyusul datang ngahulag. "Awug téh kareueut pisan, Kasép! Hayu, Ambu hawatos ka Nina!"
(kenging: YusKa Sadewata)
No comments:
Post a Comment