“Aa, kunaon ningal ka luhur waé? Ngétang béntang nya?” Ceuleukeuteuk seuri. Ogo. Sirahna nyarandé. Duaan diuk pagégéyé di tangga taman. Hiliwir angin ngusapan nu macangkrama.
“Ah, tapi béntang nu pangméncrangna mah da mung Salira...” Irman ngajeduk-jedukkeun sirahna lalaunan. Jeletot Éva nyiwit. Irman nyeréngéh. Teu nyeri. Komo basa gasik diusapan réma-réma laléncop bébéné haténa. “Gombal, ah!”
Tanggah deui. Mencrong nu tingkaretip. Milyaran papaés kanvas raksasa. Kasima. Ngabelesat kana jerona awang-awang pangimplengan. Éndah. Simpé taya sora. “Tuh nya, ngalamun deui!” Irman ngarérét. Gado Éva dicapit réma-réma kadeudeuh. Digideug-gideug. Nu geulis seuri leutik. Panonna buburicakan.
“Saur tokoh nu dina filem téa, ‘Cahya béntang datangna ti tempat nu jauh kacida. Jutaan taun keur nepina. Boa béntangna mah geus taya di kieuna! Kalan-kalan, naon nu dilakukeun ku urang, katingalna mah boa isuk jaganing pagéto. Teuing iraha!’ Kitu cenah, Va.”
Éva teu némbalan. Teu imut. Teu ngusapan. Irman cengkat. Ninggalkeun liuhna tangkal samboja.
(kenging: YusKa Sadewata)
No comments:
Post a Comment