• Hong!

    Brownies Tawis Kaasih

    “Wow! Nuhuun, Sayang...” Brownies coklat topping kacang almond! Pangbagéa istiméwa. Celengok embun-embunanana. “Hapunten... teu kiat mapag di payun.” Nyium tangan. “Wios. Bobokeun wé, Mah...” Beueus. “Enging nangis...” Diusapan. “Uhun, engké emam browniesna janten teu mirasa. Mangkaning Papah nuju alum waé...”

    “Teu kenging!” Nepak leungeun nu rék nyomot kuéh. Pacekel-cekel. Luk tungkul. “Geura waler!” Neuteup. Liuh. “Mira alim nikah ka nu janggotan!” Kerung. “Naha?” Réma-rémana mapay gado. Ngagideug-gideugkeun. “Bilih diwayuh...!” Tujuh welas taun katukang. Brownies saksina.

    “Raos?” Dumareuda. Leuseuh. “Kantenan, brownies Mamah mah pangraosna!” Paneuteupna buburicakan. Ngabelenyéh. “Brownies pangsaéna, nu kanggé Papah mah. Papah tos imut, cahayaan deui. Kasép...“

    “Pah, ihlaskeun Mamah...” Gebeg. Daria nu matak honcéwang. “Mamah ogé ngaihlaskeun Papah...” Ngageter. Ruménjag. Nu ngagolér digabrug. “Nyarios naon tatéh Mah?”

    Kajanarinakeun. Mira tibra. Leleb. Imut. Cimatana teu juuh deui. Diriung ku kuring, Ema, Bapa, jeung Risma. Kapiadi nu ngawulaan Mira unggal poé. Nu ngasuh barudak. Nu nyieun brownies kamari beurang.

    (kenging: YusKa Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi