• Hong!

    Caruluk Cinta

    "Jalan panjang moal burung disorang, Lis...." Ucé galécok sorangan. Nuturkeun abringan. Nonoman tujuhan kasorot srangéngé isuk. Nyarorén bedog. Garogonjakan, mapay galengan. Ngaliwatan balong. Pasawahan. "Perjoangan!" Gilig. Malipir gawir, netek deui. Bras ka Lemah Putih. "Rék disabaran...." Nyawang baketutna awéwé tengah tuwuh. Tangkal pangharepan tembong tingjungkiring.

    Uce nérékél. Parigelna anak tukang gula beureum. Kepras. Ranggeuyan buah kawung tinggarebut. Digusuran, dikumpulkeun. Babaturanana mirun seuneu. Dudurukan ngabebela. Laju diuk narungguan bari luut-léét kesang. Pengkuh paruasa, najan halabhab nataku. Pada gégétrét, keuna mémérang. "Nu éta geus tiis, Jang!" Siki barodas dialaan tina jero caruluk nu garéhéng.

    Pasosoré nepi ka lembur. Ucé marahmay. Lugina, nyekel pamahugi sabungkusan. Léok ka hareupeun imah pangbadagna. Ramohpoy. Motor Tiger ngabagug di buruan. Jang Émon, anak Kuwu keur macangkrama jeung kolot jungjunan. Kado ngabrugbrug luhureun meja. "Sing ngukur ka kujur!" Ngaweuhan deui na jero haté nu ngoléang.

    Baju kucel nyusut cikésang. Peurih. Ngaléngkah ngajauhan. "Kang...!" Caruluk, leupas tina cekelan.

    (kenging: YusKa Sadewata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi