• Hong!

    Cinta Emih Instan

    "Aang, saurna mung sareng ieu nya..." Seungit kaasih wanci janari. Nyambuang tina emih instan rasa ayam bawang. Dua mangkok paréndéng-réndéng. Siga nu papanganténan. Ngebul kénéh.

    Emih nu dipasak maké kronologis imeut. Digodog teu lila teuing, laju caina dipiceun. Dituuskeun sakeudeung. Bruk luhureun bungbuna dina mangkok nu maneuh. Cur, dikuahan maké cai anyar nu ngagolak. Dicéngékhéjoan kapandeurinakeun. Tara kapopohokeun. Seger, ngarambang tanda kahéman. Témbong beresih. Jijieunan sorangan mah pasti kiruh jeung sakapeung beukah teuing.

    Eusi rice cooker pindah kana piring. Séndok garpu sayaga. Karpét biru kameumeut nu jadi tilam. “Mamah moal ngadoan nu anéh-anéh. Ieu waé jang tilam mun dahar duaan. Saheulaanan, bisi can kapésér méja makan.” Rohang heureut kosan ngalegaan ku cinta dua kutub kahirupan.

    Gék di gigireun. “Emih terbaik memang datang dari yang terbaik.” Api-api baeud. Pikayungyuneun. “Ngagombal téh meni teu damang-damang!” Celengok tarangna dicium. Imut, laju nyurucud. “Néng terang, Aang pasti nuju nyarengan....”

    (kenging: YusKa Sadewata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi