• Hong!

    Gumalindengna Demi Wanci

    “Wal ‘ashr....” Hanif titeuleum dina simpé randegna. Ngaenyakan sumpah Gusti, sabuleud-buleudna. Hakul yakin, gumeter batin. Waktu. Kautamaanana anu rohaka. Nu nganteurkeun lumampahna. Ras ka guru ngajina, “Tong nungguan lingsir ngulon, mangsa ‘ashr, pikeun manggihan kasadaran. Bisi elat mantén!”

    Dalah kumaha, kabéngbat dunya. “Innal ingsaana lafii khusrin illaa....” Ngangres. Wanci bihari ngajadi saksi. Hirup lain rugi deui, bangkrut kasebutna. Tuna amal, ngabugbrug dosa. Kahayang dipupujuhkeun. Bruh-bréh. Méh sagala dilakonan. Kasenangan jadi ageman.

    “Illalladziina aamanuu....” Ukur na jiwa, iman sagurat hapa. Méh taya tapakna. Kakalicesan lir lilin katebak angin. Ampir suda. Na lisan, ngan kalan-kalan. Na arkan, mun kawénéhan. “Wa ‘amilushsholihaati....” Pondasina, nu aran salat, mindeng dirumpak. Teu kudu nanya amalan lianna. Cimata Hanif ngeyembeng. Batin sumujud sukur. Papanggihan geus muka kasadaran.

    Masjid karasa tingtrim. Jamaah salat isa sabar narungguan. Wirahma gumalindengna vokalis gandang. Haji Maksum, pimitohaeun. Nu sarua léahna ku éta sora. Déhém. Sajorélat ngaruntagkeun. “Falahum ajrun ghoiru mamnuun....”

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi