• Hong!

    Dulag Asmara

    “Héy, eureun heula!” Jep, sora dulag eureun. “Hésé pisan dicarék téh.” Rapat ngarét. Narungguan. Lol, beungeut anyar. Teuteupna euntreup. Réni tungkul, ratug. Tapi itu ngaléos. Patingkecewis. “Ih, ganteng bangeuttt!” Cikikik. Teu lila, “Dulugdugdag dulugdugdag….” Ngawirahma. Mirasa.

    “Ti ngawitan ogé, kangge Salira….” Ngadulagna! Wanci ngudar kasono ngaliwatan patalimarga cahya nétra anu ngaburisatkeun cinta. Silih baledog imut. Haneuteun, raéng maroyokan. Gosip terpanas unggal gempungan. Kaka, drummer kerén, jadian jeung Réni, nu geulis putra Pa Haji.

    “Jauhan Si Kaka!” Bapana ngagantawang. Jelebét. “Korban narkoba tatéh!” Duriat cadu pegat. “Wios…” Cinta ngarobah sagalana. Maksa nu béak déngkak, ngajodokeun. Ka nu geus pasti solehna. Réni nyakakak. Sora dulag mingkin kerep kareungeu. Ngaweuhan minuhan sukma. Saban poé. Beurang jeung peuting. “Kaka di mana?” Bébéné peunggas haténa, teuing di mana.

    Tilu bulan geus kaliwat. “Geulis. Emut, Néng...!” Bu Haji ngarenghik. Rusras. “Tuh, dangukeun…!” Lamat-lamat. Nu kuru curinghak. Ngaguruh sora nu takbir. Dipirig ku sora dulag. Belenyéh.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi