Pasedek-sedek, dilakonan. Kacapé teu dirasa. Suku paregel kaupahan ku pangharepan. Tilu jam milu ujian kasabaran dina antayan jelema. Éstuning taya aral subaha.
Geus rérés, rasa lugina. Ngalénghoy nyingkahan heureutna rohangan. Ambekan ngalogoran.
"Parantos, Bu?" Unggeuk ka réporter nu ngincer salila-lila.
"Cobi Bu, diangkat!" Teu baha. Kartu Balsem di leungeun katuhu. Nu kénca némbongkeun duitna. Tilu ratus rébu pérak. Belenyéh imut. Reueus. Gurilap. Cahya kaméra neumbrag geulang, anting jeung kangkalungna.
No comments:
Post a Comment