Rohangan Paripurna mindah rupa. Janggélék janten majlis pangaosan. Tarhib bulan karamat. Mustami sami husu diwuruk. Daria nampi piwejang. Arunggut-unggutan. Sinanteneun, suwung ti nu nundutan. Tawis piwejang nyumerep batin nu regep. Hikmah kanggé sakumna santri dadakan.
Mama Ajengan rérés maparinan tausiah. Celengkeung nu ngudar patarosan. “Mama, kedah kumaha mayunanana. Geuning nu darémo téh taya sudana. Protes mingkin mancawura. Janten wakil rahayat téh teras waé dijejeléh. Pajar bangsat. Pajar penjahat. Tukang korupsi....” Dumareuda. “Paparinan bongbolongan, Mama. Supados sadaya teu janten gering pikirna....”
Mama Ajengan imut leleb naker. “Teu kedah janten émutan. Sing panceg dina perjoangan. Tigin kana patékadan. Apanan aya kateranganana ti ulama wanci bihari. Upami aya sapuluh jalmi badami. Tujuh bangsat, nu tilu santri. Kedah sapuk milih pamingpin. Cobiii ... kinten-kintenna nu mana kitu, anu baris kapilih?”
Bray. Ngagebyar. Nur kawijaksanaan murub mubyar. Rohang-rohang haté nu peteng kacaangan. Mustami sami lugina. Silihrérét. Patingbelenyéh. Ngagerendengkeun kabagja. Sapalih ngadeg talakbir.
(kenging: YusKa Sadewata)
No comments:
Post a Comment