• Hong!

    Mulang Tarawéh

    "Tas timana, Sin? Ginding euy!" Nu ditanya ngarérét. Ngalégég méméh ngawalon.

    "Nya tarawéh atuh, Ding. Ngaku muslim mah kudu tarawéhan!"

    Iding robah pasémon. Pangrasana, kurang hadé kumaha nanya téh, bet dijawabna kawas nu ngécé.

    "Uing mah acan tarawéh téh sabab milu kana hasil babadamian. Musyawaroh, Sin. Hadé keur saréréa. Muslim mah ngaheulakeun kahadéan jang kabéhan. Teu merekedeweng sosoranganan." Sorana leuwih harus palebah nyebut sababaraha kecap.

    "Naon maksudna tatéh maké jeung teugeug? Musyawaroh? Oh, nu diluluguan ku instansi anu nyieun qur'an waé dikorupsi? Uyuhan daraék diajak ku balad koruptor! Najis ih!"

    "Jadi kadinya léosna, kawas nu pangbenerna waé siah! Nu bukti mah géng sia nu ngaruntagkeun persatuan umat!"

    Muncereng. Nguntab.

    "Kéhéd téh, maké jeung sua-sia sagala! Ngajak gelut ka aing satéh?"

    "Euweuh dalilna aing kudu sieun! Sor lah..."

    (kenging: YusKa Sadewata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi