• Hong!

    Nanaonan Nyieun Fikmin Basa Sunda?


    Sabenerna, kuring geus rada lila kutrat-kotrét nulis téh. Karesep nu geus dimimitian ti mangsa budak. Hiji catetan pribadi, resep nulis memang moal bisa dileukeunan lamun teu dimimitian ku resep maca. Tah, ti SD mula buku-buku perpustakaan geus jadi sasaran. Diinjeuman, dibaca. Kalan-kalan sapoé kuring dua balikan asup ka perpustakaan, da nu diinjeum mangsa istirahat geus tamat macana. Teu kapopohokeun yasana indung, mangmawakeun majalah Manglé unggal tanggal midangna. Tina hobi maca tumuwuh wéh resep nulis. Nulis saaya-aya, sabisa-bisana.

    Geus SMA jeung kuliah mah rada kapopohokeun tulas-tulis téh. Ku kaayaan. Kakara mimiti deui téh mangsa kapaksa nginternét, da jujualan di dinya. Sajaba midangkeun hasil pagawéan, tulas-tulis ngeunaan kahirupan sapopoé. Da saenyana lebah dinya nu leuwih gampang dituliskeun mah. Nu karandapan jeung kaalaman ku urang. Internét nyayagakeun sagala pakarang keur tulas-tulis. Kalawan dipangneundeunkeun deuih hasil-hasilna. Diarsipkeun. Sagala gampang. Blog téa disebutna téh, mangrupa mandala keur nu resep tulas-tulis.

    Tah, ari mikmin alias nyieun fiksimini mah éstuning aktivitas anyar kuring. April 2013 kakara wani nyieun tulisan, nu diapungkeun di grup Fiksimini Basa Sunda. Éta téh sabada sataun di-approve asup grup kasebut. Salila éta ukur jadi anggota pasif, macaan ogé arang langka. Ieu grup di facebook kacida hadéna keur diiluan ku nu resep maca jeung nulis dina Basa Sunda.

    Keur kuring nu cicing jauh ti imah, arang langka maké basa indung, ayana mandala nu daria dina ngamumulé Basa Sunda téh kacida gedé mangpaatna. Komo deui aya para inohong sastra nu jadi ais pangampihna, nyaéta sastrawan Godi Suwarna, Nazarudin Azhar, Dadan Sutisna, Tatang Sumarsono, jeung Ki Hasan. Di grup ieu ngumpul ogé para pangarang nu geus sohor ngaranna. Bisa disebut, yén FBS mangrupakeun salah sahiji grup kasundaan anu pangdariana.

    Alesan kuring kataji ku flash fiction alias fiksimini? Ieu mah kamandang pribadi, moal nyutat ceuk ahli atawa pakar bahasa. Da apanan leuwih gampang nuliskeun nu karasa téa.

    Kahiji, fikmin teh pondok pisan. Ku pondokna fikmin, waktu keur macana ogé singget waé, teu kudu kapapanjangan. Sok sanajan eusina mah bisa waé ngaweuhan dina haté nu maca keur waktu nu panjang. Nu jelas, maca fikmin béda pisan jeung ngilo carpon. Jaman kiwari, nu maca pasti lolobana leuwih milih nu praktis.

    Kadua, fikmin téh nangtang pisan. Lapak Grup FBS méré ugeran supaya para pangarang nyieun tulisan nu eusina minimal 50 kecap, maksimal 150 kecap. Dina heureutna rohang tulisan éta, pangarang kudu bisa nembrakkeun eusi haté jeung pikiranana. Hébat! Keur kuring mah, pondokna wanda fikmin nu ngan ngébréhkeun ‘kilasan’ kajadian atawa flash, jadi daya tarik jeung tangtangan keur nu maca jeung nu nulis.

    Katilu, fikmin téh nitah diajar. Ku milu aub dina lapak Fbs, urang bisa nambahan kanyaho dina sagala hal. Proses diajar téh nyatana ngeunaan Tata Basa Sunda, kosa kecap, ogé sabudeureun eusi fikmin anu dipidangkeun. Nambah élmu, da nu mairan téh miboga dasar pamikiran jeung wangwangan séwang-séwangan.

    Kaopat, diajar disiplin. Lapak Fbs diadegkeun bari dirumat kalawan daria. Para adminna miboga loyalitas jeung krédibilitas. Para pangarang ‘dipaksa’ pengkuh, lain waé kana aturan format fikminna, cara ngapungkeunana, tapi ogé katangtuan-katangtuan lianna. Ku ayana aturan nu pengkuh dijaga, prosés mikmin téh bisa jadi mangpaat keur saréréa.

    Ayeuna mah geus kajawab tah. Nanaonan nyieun fikmin? Sabab aya alesan-alesanana. Ceuk kuring, sauingeun. Mun tulisan ieu kurang kénéh eusina, mangga tambihan ku nyieun pairan salira. Hatur nuhun sateuacanna.

    (kénging: Yuska Sadéwata | foto: lapak Fbs)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi