Sarénghapan deui nu nyésa, kitu jeung kitu, ngaguratkeun réwuan tatu na dada. Ambekanana mingkin suda, binarung ranjugan-ranjugan ngudar rasa nalangsa. Kuru awakna kabulen kaos leuseuh, nu baseuh ku jibregna kesang meuweuh. Asa geus teu wasa, mapatkeun kalimah-kalimah pangéling ka Mantenna. Rongkah handaruan bubuka lawang alam anyarna, lir hinis nu ngabésétan haté sakur nu ngariung di rohang humeureut.
“Abah... hayang jeruk..., “ pokna dumareuda, pasosoré tadi. Teu nolih kacapé, geus mangpeuting-peuting méh tara saré, ngingkig ka pasar néangan nu dipénta, bari ngungusap cimata. Ubar keur nu rada hégar, nu sasari geus teu bisa pisan kararaban.
Lara masakat bet kalah menyat, ngajirim dina kareueut ngabalai peujit, nu majar geus rangsak taya harepan. Mun teu katéwak, geus ngadagor-dagorkeun sirahna, bareng jeung gorowok aduglajer satakerkebekna. Awak nu direjeng, dipaksa nandang kanyeri nepi ka méakkeun tanagana. Utah tinggal cai haseumna, kapulas berebey ludira. Tabuh tilu, sabada rérés sagalana, kuring gagauran nangkeup layonna.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment