"Kamu yakin?" Panalék Kania ngabelesat ngaliwatan jagad nirkabel. Laju pangreungeuna museur dina earphone leutik nu nyamuni, nutup liang ceuli katuhuna. Karuruban rumbay makuta kageulisan nu hideung meles tur kandel. Diteueul ku réma-réma, bari ngalanggéor leumpang. Sawanganana rusras ka welasan taun katukang. "Lu habisin bapaknya, gué garap ibunya!" Ngaweuhan. Aya beungeut nu ngelemeng némbongan.
"Positif! Fingerprint cocok!" Gerendeng nu cinutrung di tungtung trotoar beulah wétan. Rikat cengkat. Haseup diserebungkeun. Puntungna rajét dileyek. Rét. Neuteup nu marengan. Unggeuk. Ngaléngkah, tutas ngaragap gegaman tukangeun jakét kulitna. Duaan kebat ngulon. Pasémon rarobah kereng. "Oké, biar dia masuk dulu! Hindari kontak senjata!" Kania teges ngélingan. "Siap!" Rerencepan. Tiluan nguliwed asup kana pagaliwotana rebuan manusa. Aub ngalondok di satengahing raména patalimarga. Teuteup seukeut. Rancingeus.
"Dor! Dor!" Éar. Lalaki tengah tuwuh pinuh ku tato. Ngagolér ngeukeuweuk amplop. Mangbulan-bulan nyingkahan nu naréangan. Raja rampog kacerek gara-gara nampa pangulem. Dibagi duit di kantor pos.
(kenging: YusKa Sadewata)
No comments:
Post a Comment