Lalampahan ngaliwatan patalimarga nu katojo moreretna srangéngé, kaupahan ku liuhna pangjugjugan. Manéhna ngarandeg. Ngiuhan handapeun tangkal caringin deukeut panto gerbang. Diuk na bangku bari nyusutan cikésang. Ngareureuhkeun kaleuseuh, bari nyérangkeun kaayaan. Ngararasakeun hiliwir angin ngusapan waruga kuru nu dibungkus pakéan ladu. Dangdaunan jeung jujukutan héjo ngémploh, niiskeun ranyayna panénjo nu nandang hanaang. Kekembangan pirang-pirang warna, nguniangkeun ligarna harepan. Nitah gasik ngaléngkah. Pelat hideung jeung beureum karérét ngéntép di beulah kalér. Laluis, garinding. Sarua nécisna jeung nu maraké saragam pulas khaki. Nu lalar-liwat ngajaringjing bungkusan.
Nu bébérés semu hanjelu. Nuduhkeun eusi stan geus korédas. “Hapunten Nini, pakét sembakona parantos séép....”
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment