• Hong!

    Saksi Korban

    Geus mindeng nu duaan pagétréng hareupeun pisan. Unggal poé. Beuki kerep. Milu ratug. Nyaksian tali duriat enod-enodan méh pegat dibetot aduregengna amarah. Balukar ìmah pagigir-gigir, sagala nembrak. Bruh-bréh. Pikawatireun.

    "Wayahna. Can boga duit, Nyi. Kapaksa nu éta dipaké heula!" Sarjun sanduk-sanduk. "Duuh, Gustiii… Ari keur deungeun sangu, engké kumaha meulina, Kang?" Élah rambisak. Gorowokna teu kebat. Cimata murubut deui. Rét ka kuring nu keur nyerangkeun, kahalang dingding carangcang. Nginghak ngadeukeutan. Dumareuda ngudar bangbaluh. Kawas sasari. Mun kongang hayang ngusapan. Salakina baketut. Ngaléos.

    Sarjun témbong mulang kasorénakeun. Bororaah babawaan, nu aya bangkenu kukulutus. Bolay ngamakelaran. Hanas duit ledis dipaké angkag-ingkig. Antukna amuk-amukan. “Aing lapar! Mana atuh capekeun, Nyi?” Pamajikanana mureleng. Baskom popoéan digubragkeun. “Torék sugan satéh, Kang? Duit béak rek meuli nanahaon?”

    Sarjun malik, ngarasa aya nu nalingakeun. Neuteup seukeut ka palebah kuring ngahéphép. Ceg kana bedog ‘na bilik. Gebeg. Sorot matana ngagebur hurung.

    (kenging: YusKa Sadewata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi