• Hong!

    Tihang Lampu Katresna

    Tihang-tihang lampu. Papaés peuting Malioboro. Naranceb kénéh dina implengan simpé. Lain ngan ukur éndah ku marakbak cahyana. Ngajajar. Baranang ngawawaas lamunan. Tapi aya hiji, nu nangtung di juru, luhureun trotoar. Hareupeun Pasar Beringharjo téa. Nu jadi saksi urang duaan. Mangsa harita reureujeungan. Ngalacat. Ngaréndéng dina pangdiukan. Karéta kancana ngageuleuyeung di satengahing pagaliwota. Andong asmara urang.

    “Beli bakpia, mboten, Mas, Mbak?” Urang duaan gogodeg. Salira ngelétan. Ogo. Ngaléng. Urang ngangkleung dina lambak kagumbiraan. Mapay jalan lalaunan, bari silih cekel panangan. Nu jarualan karajinan, mangpirang warung léséhan, lapak kaos dagaduan. Kabéh ngan saukur bébér layarna. Keur urang nu jadi aktor-aktor panggungna.

    Unggal nepungan, tihang nu éta pasti ngagupayan. Lir anu nungguan. Méré harepan. “Antosan nya di caket andong urang!” Aya ukiran-ukiran dina lebah penclut tihangna. Atra teges garis-garisna, sarua jeung nu ngagurat na jero dada. Pirang-pirang warnana, sapulas jeung rasa nu nyaliara. Hamo suda. Najan salira geus taya di kieuna....

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi