• Hong!

    Asmara Lebaran Poé Kadua

    “Love in the first sight.” Abadi. Wadul tingkat tinggi, tah! Banget teu percaya. Nu geus wawanohan lila gé, bobogohan mah geuning teu lana? Buktina, bébéné kuring hiji-hijina. Kiwari, di mana coba? Pegat! Ukur opat bulan reureujeunganana. Satiana ukur ucap. Antukna, haté neuleuman deui kasimpé.

    Lebaran poé kadua. Halal bihalal kulawarga. Jleg, nu imut di hareupeun. “Mita, Ang…!" Halimpu. Dada dumadakan ratug. Paneuteupna. Garumenclang mawa tijengkang. Ditudung bungur, raksukan payus jeung umur. Kéwes, nuruban umyang. Gusti…, dulur abdi malih warni jadi widadari? Pangling! Jol tumémpél. Ahéng. Sab sajorélat haté léah kaleugeut geugeut. Manéhna, taya bédana. Pada-pada kabandang tresna.

    “Kadé, Ang,“ haréwos Indung, “Néng Mita mah tos badé dijodokeun.” Meg. Cinta kilat ngadadak runtag. Rohangan dumadak heureut. Dulur-dulur patingséréngéh. Marelongkeun. Semu marupuas. Mita, ngeluk di juru. Cép Hamzah, ustad kasép pernah kapiadi. Boa pijodoeunana? Témbong macangkrama jeung indung bapana. Rét, ka kuring. Nyampeurkeun, ngarangkul. “Badé dipangguarkeun naon dina hutbah nikah téh?” pokna.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi