• Hong!

    Enter Sandman

    Peuting rerencepan ngingkig mawa jempling. Saléngkah-saléngkah ngajauhan, taya rasrasan, dipirig ku sora jam nu beuki ngalaunan. Kalangkangna nyapuan saban padumukan di tiap pakampungan. Méré impian ka mangyuta jalma nu kabongbroy kaéndahan dunya, atawa keur meumeujeuhna kaheumpikan humeureutna kahirupan. Neundeun lolongkrang keur nu taronggoy neuleuman hapana kasimpé. Ngawirahmaan nu barébéakan nyacapkeun rénjagan-rénjagan kanimatan. Kabéh, kabagian séwang-séwang.

    Nu dipépéndé, teu reup waé. Gulinggasahan. Rurat-rérét. Neuteup ka indungna, kana lalangit, ka sakuliah kamerna. “Kunaon, Geulis?” Gideug lalaunan. Narik saeutik simbut kandelna, hiji-hijina batur satia, nu unggal peuting tara baha ngeukeupan. Dunga saré geus parat diucap. Dongéng Snow White nu ti tatadi ngabarabat, ogé tamat. Méh reup, Si Geulis ngulisik deui. “Mbu..., ga mau mimpi buruk lagi...!” Ogo. Diupahan ku imut kadeudeuh. Diusapan, dicium embun-embunanana. Unggal isuk cumaritana: ngimpi perang, panggih jeung nu paraséa, kahébos seuneu monster naga.

    “Mbu gaduh dongéng Mister Sandman...,” haréwos indungna, “Upami sumping, anjeunna murulukan soca, masihan impénan éndah kacida....” Neruskeun carita, teu kungsi lila. Budak tibra. Buntut monster nagana teu kupat-képot deui, katémbong nonghol handapeun ranjangna. Nu perang ogé rareureuh heula, katoong tina jandéla nu méléngé dina tarangna. Saréna teu kagareuwahkeun, najan ku “Brug!” sora panto nu dipeundeutkeun satakerna. Bapana. Geus wayah mulang ti bar, cara sasarina.

    (kenging: Yuska Sadéwata | foto: youtube.com)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi