Sahri ngaranna. Basa ditepungan di lapakna (16/08/13), kasampak keur tonggoy ngarautan awi ku péso, dijieun dina ukuran-ukuran nu saragam. Potongan-potongan awi nu diaméterna leuwih gedé tinimbang nyéré badag téh dibuleudkeun, laju dipelengkungkeun sina rada bengkung. Sup diasupkeun kana kardus di deukeut manehna diuk.
“Ka nu malésér mah, abdi tara ngangken pengrajin,” pokna daria. Taya riuk-riuk kurang pédé atawa éra ngaku sabagé juragan nu miboga usaha dagang langlayangan. Pamuda nu kapeto jadi RT di lemburna téh témbong reueus mangsa nyaritakeun bisnisna.
Teu reueus kumaha, da teu ditanya gé gasik nuduhkeun Yamaha Vixion anyarna, nu tacan aya platna. “Nuju diréyen ieu teh, bati icalan mangsa Lebaran ieu,” ceuk manéhna bari nyéréngéh, bungah.
Sahri muka lapak lain ngan di tempat éta, di jalan ka Trenggalek di sisi kota Tulungagung, Jawa Timur, tapi di tilu tempat lianna. Hasil jujualan langlayangan di bulan puasa jeung utamana mangsa popoéan Lebaran, bisa mangtikel tina poé biasana. Ti satempat manéhna bisa meunang hasil kotor tilu jutaan, atawa totalna bisa nepi ka dua belas juta pérak. Éta teh dina sapoéna, nu dimimitian ti beurang nepi ka jam limaan soré.
Kabisana dina ihwal nyieun langlayangan kabantu ku pangalamanana baheula kungsi gawé di pabrik bedil mimis, nu teu jauh tina ngarautan kai jeung ngalemesanana. Langlayangan Sahri tembong onjoy dina bentuk desain jeung karasa lemes hasil gawena. Béda jeung langlayangan biasa nu maké kertas, jieunan manéhna mah maké kaén keur bahanna.
Rupa-rupa desain langlayangan dijieun ku Sahri sabalad-balad, ti mimiti nu pangbasajanna, nepi ka nu bisa disebut kelas féstival. Aya langlayangan nu mun diapungkeun téh bisa nyieun sora ku geter tali katebak angin. Sorana tarik, ngerengeng siga sora gaang, jeung biasana dipanteng nepi ka peuting. Aya ogé langlayangan nu ujudna boga hulu siga naga barongsay, buntutna mangrupa éntépan puluhan langlayangan leutik. Pikaresepeun nempona.
Kamotékaran jeung tiginna dina usaha, jadi modal Sahri miboga usaha mandiri nu méré hasil mucekil. Sahri dibantuan ku lima baturna, nyieun kurang leuwih 150 langlayangan unggal poéna. Manéhna ngaku geus ngajual produkna ka sababaraha kota di Jawa, samisal Malang, Yogya, jeung sabudeureun kota asalna, oge ka luar Pulo Jawa, nyaéta ka Kalimantan jeung Papua.
Aya nu minat nurutan luméngkahna Sahri?
(kenging: Yuska Sadéwata)
Médsos