• Hong!

    Nu Lebaran di Pajaratan

    “Tah, geuning geus datang….” Pada ngabagéakeun. Manéhna. Teu lémék. Milu ngalingkung, basa nyekar dimimitian. Mantengkeun pangdunga, dipirig gumerendengna kalimah suci. Beueus. Pajaratan suni, nyakséni nu réuni di poéan fitri.

    Rét. Jelema kuru. Celong. Sasari tara némbongan, saban Lebaran. “Meunggeus! Rék indit mah, indit waé siah kaditu, Soma!” Ngaweuhan deui. Nyeuit. Can cacap ngaheureutkeun rohang dadana. Meg. Museur jadi amarah. Pajar moal nanaon, cenah. Buktina? Buana ancur perlaya. Mangyuta nu ngababatang. Perang! Lanceukna, rikat giwarna. Buni tina balai. “Aman?” Ema teuing di mana, Bapa timu layonna. Ti harita, haté Soma mongkléng nyamagaha.

    “Hampura, Soma...” Dumareuda. Ungkara nu mangtaun-taun kapegat subaha. Lumengis. Bareng jeung béakna awuran kembang virtual. Patingkerejepna ringkang-ringkang taratu nu cumalimba. Lus-les. Citra hologram ngahariang. Ninggalkeun rangkulan nu teu kebat, najan sajorélat.

    Robot-robot patingkurumuy. Purah beberesih runtah radiasi. Di pasir bulistir nu matak ketir. Tuna kakayon, sumawonna sato héwan. Kasaksén sakabéhna ku Soma. Nu ceurik ngagukguk mikahayang mulang. Ti awang-awang.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi