Manéhna ukur bisa rumahuh. Nyarandékeun awakna nu begung kana tihang nu geus rada bobo. Lalaunan, seuneu hawu dipareuman. Ti tatadi, naheur cai téh ngan ukur keur ngabeberah budak. Ngajangjian dahar mih instan ngeunah, karesep maranéhna. Nyatana, bororaah. Eusi dapur geus korédas. Béas teu nyampak, sumawonna deungeun sangu. Saprak salakina tilar dunya, imah nu sacangkéwok téh beuki karasa ngaheureutan. Kabutuhan sapopoé teu bisa deui katutup ku duit ukur beunang buburuh nyeuseuh di kulawarga Haji Bakri.
Méh bédug magrib tadi, rérés ngalicin, nepungan dununganana. Éra-era ogé da butuh. Susuganan, da keur ngaliwet geus kosong pisan. “Duh, hampura uing, Éméh,“ Bu Haji ngajawab énténg. Leungeunna teu leupas tina nataan bungkusan-bungkusan parsél. Cumarita, bari teu ngarérét-ngarérét acan.
“Hutang manéh ka kami, nu kamari-kamari ieu ogé apanan geus loba, lin? Geus lah nu éta mah kami moal kapapanjangan. Ngan hampura, kami moal bisa méré hutang deui, nya. Gajih manéh ogé apan can waktuna. Engké wé peutingan takbiran, nya. Wayahna...”
Bi Éméh ngarumasakeun. “Muhun, Bu Haji. Teu sawios-wios. Kawitna mah kanggé ngaliwet wé, nun. Séépeun pisan. Hapuntenna....” Bi Éméh teu bisa majar kumaha. “Heueuh, geus sareupna tuh geuning. Jung geura mulang, bisi poékeun di jalan.” Amitan ti pagawéan. Bungkusan-bungkusan kardus sembako jeung parsél boga Bu Haji, siga nu éak-éakan ngaléléwe nu mulang. Cimatana nyurucud. Ras ka nasib dirina jeung anak-anakna.
“Lain ménta tulung ka Pa Ér-té atuh, Bi?” Aya nu nanya, semu ngaharéwos. Lalaki kolot, begang huisan, nyusulan di buruan imah dununganana. Pakéanana basajan. Megat léngkah deukeut pager gerbang nu ngajungkiring. Kahudang rasa karunyana, nempo Bi Éméh mulang teu hahasilan. Béhna mah milu ngadédéngékeun paguneman Bi Éméh jeung Bu Haji Bakri di tepas tadi.
Bi Éméh tungkul. Ngusap cimata ku cindung leuseuhna. Boga kénéh ari kaéra mah. “Wios lah Ki, keun manawi dipaparinan Gusti Alloh ti jalan sanés. Bilih Pa Ér-té mah sibuk...” Lain sindir sampir. Sorot mata nu tuna niat codéka. Polos. Najan ras kana geunjelung duit 'balsem' sababaraha minggu katukang. Nyeuit keneh kana atina, sab duit teh teu weuteuh katampana.
“Mangga Ki.” Ngaléos. Ninggalkeun nu hookeun jeung cumalimba.
***
“Sampurasuuun...!” Gebeg. Saha nu nyémah peuting-peuting kieu ka imahna? Tara-tara ti sasari. Baheula sotéh basa salakina masih jumeneng, kalan-kalan babaturanana daratang ngadon rék nyoro bako atawa ménta kopi jeung maén catur. Di imah heubeul nu kapaksa dijual dua taun kalarung. Lain di dieu, imah kontrakan nu seuseut keur mayarna. “Saha nyaaa?” ngagero. “Kuring, Bi,” walon nu di luar.
Panto imah dipéléngekeun saeutik. Beungeut tamu kacaangan lampu lima watt, hiji-hijina bohlam nu dipasang di tengah imahna. Eta gé can kabayar iuranana, nu bulan ieu, ka tatangga. “Aéh, geuning, Aki? Aya naon mani rareuwas?” Mencrong lalaki kolot nu papanggih tadi di imah Bu Haji Bakri. Mawa kardus ku dua leungeunna, bangun nu beurateun pisan. Ambekanana masih nyésakeun hégak. Srog, babawaanana diteundeun di luhureun ubin semén, nu sawaréh geus barohak.
“Hampura ngareureuwas, Bi," pokna. "Kuring ngahaja mangmawakeun bungkusan. Satadina mah meuli ka Bu Haji téh keur bahankeuneun ka babaturan, tapi keun waé lah jang kaperluan kuring mah engké aya deui sugan.” Semah nétélakeun pamaksudanana. “Moal asup, Bi, bisi goréng kasebutna. Seug waé nya. Sing mangpaat!” Sémah téh ngaleos, ninggalken anu olohok. Nu lalaunan ngucap sukur, bari nyurucudkeun deui cimata. “Alhamdulillaah. Barudak, Ema meunang rejeki... Keur saur engké.”
Lalaki jangkung begang nu nyérangkeun ti kajauhan, ngahelas dina rénghapna. Nyamuni di deukeut tangkal kalapa nu poék teu kalampuan. Laju ngagedig ka kulonkeun, ninggalkeun alamat meunang tatanya. Di sisi lembur anu nenggang. Imah leutik maké bilik, nu geus deukeut jeung pasawahan. Geus jauh leumpang, lebah péngkolan, méh nabrak nu rék indit ngaronda.
“Aéh, geuning, Pa Kuwu? Mulih ti mana...?”
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment