• Hong!

    Nyakséni Lebaran Kupat

    “Saumur hirup, nembé dinten ieu sim kuring ngalaman nyakséni,” pokna bari marahmay. Bapa-bapa tengah tuwuh,ngakuna ti Madiun, keur aya dina satengahing perjalanan. Inyana teu nyangka, di palebah péngkolan, dititah eureun. Teu majar kumaha, ngarandeg, siga kandaraan-kandaraan séjén nu geus tiheula areureun.

    Lain, ieu mah lain razia pulisi lalu-lintas. Poé Kemis, 15 Agustus 2013, sakabéh nu ngaliwat ka wewengkon Jepun, Tulungagung, baris nempo patalimarga nu heureut ku motor, mobil jeung jalmaréa. Jalan alternatif keur nuju ka Campur Darat teh éstuning macét. Kandaraan-kandaraan areureun di sisi jalan. Sawaréh maluter, baralik deui, da teu bisa maju.

    Geus leuwih ti sapuluh taun, kagiatan Lebaran Kupat lumangsung di daérah Jepun. Awalna dimimitian di salah sahiji RT deukeut parapatan Bis Guling, tug nepi ka ayeuna sumebar di sababaraha lokasi. Jalmaréa ngagimbung di hareupeun pos-pos husus nu nyadiakeun kadaharan mangrupa ‘sompil’, eusina kupat jeung sayur (atawa disebut ‘jangan’) nu bahanna tina kacang, nangka ngora jeung sapuratina.

    Taya loba basa jeung upacara, nu pangistimewana tina kagiatan ieu mémang ngeureunkeun sing saha wae jalma nu liwat. ‘Para tamu’ dihaturanan dahar di tempat nu geus disadiakeun. Sawaréh dieureunkeun ku warga, sawaréh deui surti ngarandeg sorangan.Mun teu daékeun, tangtu moal dipaksa, tapi kalan-kalan dibahanan kadaharan nu geus dipangmungkuskeun.


    Umuma nu lalar-liwat geus surti tur ngahargaan ka warga nu keur boga hajat, malah sawaréh mah ngahajakeun muru datang, da teu sakabéh wewengkon ngabogaan adat Lebaran Kupat, sanajan sarua di jero Kabupaten Tulungagung. Ceuk béja mah, ukur di wilayah Jepun jeung Durénan anu boga adat kasebut téh.

    Warga témbong antusias, lantaran lain ngan saukur hayang milu ngarasaan unikna kagiatan, tapi ogé kusabab kadaharan ‘sompil’ téh mémang populér jeung dipikaresep balaréa. Acara dimimitian isuk-isuk, teu maké seremoni. Maju kabeurangkeun, méméh lohor, kadaharan geus ledis tinggal wadahna. Laris manis.

    Rada ka Beulah kidul, panggung péntas dijieun malang na jalan aspal, ti beurang mula geus dieusi ku pintonan hiburan. Taun ieu, sabada nu nyanyi dangdut, pintonan ‘Jaranan’ jadi hiburan utamana. Kuda Lumping téa, jeung sajabana. Beurang nepi ka jam lima soré dieusi ku para penari cilik, diteruskeun deui bada isa, ku para penari déwasa. Dina lebah dieu, Lebaran Kupat geus milu ngamumulé budaya lokalna.

    Jenis hiburan nu dipintonkeun biasana gumantung kana kasanggupan dana panitia. Waragad keur ngadatangkeun tim kasenian lokal teh bisa ti mimiti sababaraha juta nepi ka welasan juta gedéna. Nu pangmahalna tangtu mun ngagelarkeun wayang kulit sapeuting jeput. Sakabeh biaya mangrupakeun hasil udunan warga, ditambah sponsor. Taun ieu, katémbong loba spanduk roko, entéh botolan, jeung caleg DPR-RI ti salah sahiji partéy, nu milu nyeponsoran kagiatan.

    Boa, ieu mah. Lebaran Kupat téh diayakeun mangrupa syi’ar Islam keur ngaraketkeun silaturohim, bari umajak ku cara lemes sangkan ngalakonan ibadah saum di bulan Sawal. Puasa sunah nu genep poé lilana. Ieu kagiatan mangrupa warisan ti kolot-kolot baheula, nu awalna mangrupa silih kirim ‘sompil’ keur tatangga sabudeureun, kira-kira sapuluh imaheun (dasa wisma). Kiwari, najan geus dieuyeuban ku kamonésan anyar, maké aya panggung péntas sagala, muga teu ngaleungitkeun ésénsi jeung hikmah pulunganeun ‘na jeroeunana.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    Sajak

    Opini

    Résénsi