• Hong!

    Fikminer Pundung

    "Ang, naha tara katingal nyerat fikmin deui ayeuna mah?" Tah, geuning nga-SMS. Nomer manéhna. Asik...! Lain teu hayang. Da ideu mikmin mah, lain légég, teu weléh ngaburudul. Boh tina tetempoan, bacaan atawa tina naon waé. Enya, mémang teu gampang ngararangkén kekecapan, tapi asana ogé teu hésé-hésé kacida. Perkara kualitas, keun kumaha pamaca. Puguh wé, angger digulang-gapér heula sakadugana. Dimaksimalkeun. Palias katangen caliweura, saaya-aya teuing, bari jeung geus kagok dipidangkeun.

    Kunaon kandeg salila-lila atuh? Nyéréngéh sorangan. Keun ah, sina surtieun sorangan. Dék diantep, moal waka dijawab. Nungguan. Tirilik, hapé nyalukan deui. Mani sombong teu ngawaler, cenah. Hanjelueun? Waktuna ngabales. "Bongan, ayeuna mah jungjunan ati tara ngomén. Kaicalan panyumanget. Padahal, sanaos bingah dipairan ku nu sanés, éstuning komén salira nu dianti-anti." Anteb pan? Da lain ukur babasan. Saenyana. Ungkara tina jero dada.

    “Har, naha nyarios kitu? Téga, ih! Apanan di fikmin nu terahir gé abdi ngomén, malihan diwaler deui, di-mention ku Aang.”

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi