• Hong!

    Garasi Cinta

    Srangéngé Kemis soré, nganteur luméngkahna André. Rurusuhan. Ti kantor, ngahaja nyimpang ka béngkél langganan. Najan dijangjian rék gasik dibéjaan, uteukna kasiksa mikiran. Enya wéh, kahariwang ngawujud kanyataan. Handeueul. Pajéro hideung, kudu antri dihadéan. Ukur baluweng, nu kabawa mulang.

    Jazz bodas. “Kénging, nya, Bu? Ayah apanan nambut kanggé ka Pagerageungna ogé mung dugi ka Minggu. Plis….” Ngarenghik. Nu ditangkeup mésam-mésem. Réma-rémana ngaranggeum deudeuh. Mencrong nu gandang dina kaca rias gumenclang. Imut manis. “Ayah hilap, nya...? Pan Saptu, Ibu badé nganteur Si Kaka lomba modéling téa.” Meg. André mingkin lungsé.

    Giligna haté hamo bisa dipépéndé. Juma’ah beurang, André lahlahan. Susuganan. “Ih, Ayah sayang, pasti badé ngoloan, nya? Janten ka Cula Dua-na?” Nu geulis bangun nu surti. Celengok, lambey ipis neueulkeun kahéman. “Kenging?” Unggeuk binarung imut. “Kantenan….” Panto kamer ngagebrugkeun kasapukan.

    “Kadé, Yah, dinten Minggu ulah lepat garasina!” Ngahéhéhkeun nu bungangang. “Siap, Nda…!” Jeletot, diciwit geugeut. Értiga anyar, ngageleser lalaunan. Ninggalkeun nu bubureuyeungan.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi