• Hong!

    Manggihan Jalan Pangeureunan dina 'Arbitrage'

    Multi milyunér, beunghar kagila-gila, rajakaya pabalatak di mana-mana. Kahirupanana unggal poé teu leupas tina kaméwahan jeung pujian ti balaréa, sabagé pangusaha suksés nu asup kana pameunteun majalah ‘Forbes’. Indit-inditan make limosin jeung jét pribadi. Naon anu kurang? Bisa jadi ieu nu disebut ku urang wétan mah, “sawang sinawang” téa. Kanyataan nu katémbong dina panempo batur, can karuhan sarua jeung nu sabenerna. Kitu nu kaalaman ku Robert Miller, salah saurang invéstor kelas gerotan di Amerika. Umurna geus manjing 60 taun. Tapi di satukangeunana mah natrat sisi séjén nu matak hémeng ngabandunganana.

    Pausahaanana teu saséhat siga nu kabadé ku batur, samalah manéhna boga hutang kana 400-an juta dolar gedéna, balukar kagagalan bisnis tambang di Rusia. Urusan tagihan supaya mulangkeun duit injeuman téh, keur meumeujeuhna nyieun baluweng. Manéhna ogé salingkuh, najan boga bojo geulis, Stephanie, nu kaceluk jadi sosialita béréhan jeung pagawéanana ngabiayaan kagiatan-kagiatan amal sosial. Robert miboga WIL, teu kahalangan ku rempegna anak incu karasép jeung gareulis. Julie, salingkuhanana, seniman lukis nu terus nyieun paroman judes sabab nunggu waktu nu teu pasti geusan dijadikeun bojo resmi. Harepan nu hamo tinekanan.

    Kahirupan nu geus pinuh ku masalah, awalna ngaguluyur. Mimiti jadi pabaliut mangsa salingkuhan Robert nemasing pati alatan kacilakaan lalu lintas. Harita Julie jeung Robert keur nuju ka hiji tempat, angkeuhan rék nyacapkeun sosonoan. Robert teu kuat nahan tunduh, mobil tibalik di jalan. Ukur manéhna nu salamet, bari tatu. Mobil ngabeledug, kahuruan. Robert lumpat ti TKP, sieun kabaud perkara gedé, sabab tada teuing bakal jadi skandal.

    Jaba manéhna keur nunggu rérés roésna perjangjian penjualan pausahanana ka invéstor anyar, Mayfield. Mun skandal kabongkar, komo manéhna jadi tersangka dina kacilakaan, éta penjualan tinangtu baris bolay. Padahal hasil tina penjualan téh rék dipaké naur hutang ratusan juta dolar, nu salila ieu disumputkeun ku jalan mark-up dina laporan audit keuangan. Laporan nu dimanipulasi téh geus mimiti kajudi ku anakna sorangan, Brooke, nu jadi kepala investasi pausahanana. Mun mark-up kabongkar, kabéh nu kalibet bisa ditungtut penjara.

    Pulisi curiga ka Robert, da gampang kapanggihna yén aya hubungan antara manéhna jeung Julie, korban kacilakaan téa. Apartemén Julie ogé dibayar ku pausahaan Robert. Tur peutingan saméméh kacilakaan, Robert kasaksén ngahadiran paméran séni karya Julie. Ukur masalah bukti jeung saksi nu can kabokér ku aparat penegak hukum. Ditéktif nu mariksa perkara, kacida napsuna hayang ngajebloskeun Robert ka penjara.

    Saksi konci kasus, négro anak urut supir Robert, kahutangan budi alatan kungsi ditulungan dina kasus kriminal. Manéhna kabaud, sabab mapag Robert basa peuting-peuting nyingkahan TKP. Bakal terus ngabélaan Robert, ku jalan teu ngaku nulungan, sanajan diancam hukuman welasan taun akibat kasaksian palsu jeung kalibet ‘pembunuhan’? Kumaha pamustungan nasib Robert, pausahaanana jeung kulawargana? Tongton waé nyalira dongéng ieu dina filem ‘Arbitrage’ nu dibentangan ku Richard Gere.

    Aya hiji paguneman nu kacida munelna di antara kabéh adegan. Stephanie ngajak Robert eureun tina ngungudag dunya nu taya sudana. Umur maranéhna geus lalingsir ngulon, wanci nu mustari pikeun rada santéy nyorang kahirupan. Liburan panjang sataun waé mah, asana payus. Kira-kira kieu uni pokna, “Naha urang téh baris kieu waé, Honey, hayuh néangan harta dunya barana salilana? Supaya jadi nu pangbeungharna di pajaratan?”

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi