Naha enya, lamun cicing di tempat nu tiis hawana, bakal leuwih ayem tengtrem kana batin karasana? Samisal, dumuk di pagunungan nu nyelecep tiis tur jauh tina nyongkabna hawa kota gedé nu matak leuseuh kana jiwa. Tah, dina filem ‘Frozen Ground’ mah éta pananya téh écés jawabanana: henteu! Di hiji kota nu dilingkung ku gunung salju di Alaska, kajahatan nu kacida rongkahna nyamunikeun dirina.
Jack (Nicholas Cage) jadi pulisi nu méh pindah ninggalkeun kotana, basa kasus anyar asup berkasna. Laju manéhna didahup ngagarap perkara nu muka lambaran arsip kasus-kasus lianna. Sersan Jack kudu néwak penjahat psikopat, Bob (John Cusack), nu geus teu kaitung jumlah korbanna. Hiji catetan, boh Cage atawa Cusack, aralus aktingna.
Welasan wanoja ngora, sawaréh umurna can manjing déwasa, jadi korban kajahatan Bob. Umumna para korban nu ngaleungit tina panénjo publik téh boga latar belakang dunya surem nu sakapeung dianggap sampah masarakat, para WTS nu nasib goréngna moal dipiroséa ku sasaha. Kanyataanana, nepi ka ahirna Bob ditewak ku Jack saparakanca, aparat lokal mah teu kahudang muka panalungtikan nu daria. Bob dianggap ‘warga terhormat’ jeung miboga kulawarga agamis.
Saenyana, ti awal nepi ka ahir filem ieu, boh jagoan jeung penjahatna geus atra. Kelemengna teu dijieun misteri nu tohaga. Ngan, di dieu kaunikanana, cara pulisi néangan bukti jeung ngajurung pangakuan Bob si pembunuh sérial, nu bakal ngahudang aprésiasi dina nengetanana. Konci kabukana kasus nu pajeujeut téh teu leupas tina ayana saksi konci, ngaranna Cindy, wanoja ngora nu teu puguh hirupna. Umurna kakara 18 taun, tapi geus kalibet dunya prostitusi jeung narkoba.
Bob, juragan toko roti nu ngomongna rada arapap-eureupeup téh ahirna dihukum 461 taun ku pangadilan. Manéhna ngaku geus nelasan 17 wanoja, nu sawareh kabukti tempat neundeun jasadna. Ieu filem, nyata pernah aya kajadianana. Kajadianana di taun 80-an. Para korban diculik, diruda paksa, dirante beuheungna, laju dibawa ka alam bebas. Di leuweung nu kasipuh salju, korban dileupaskeun, ditembak sababaraha kali nepi ka perlaya. Aya oge nu ditigas atawa diragaji beuheungna, nurutkeun hasil otopsi.
Setting alam pagunungan nu endah. Salju nu nyacas bodas. Pamaes filem ngeunaan ‘moro tukang moro’. Moal kuciwa nongtonna geura.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment