• Hong!

    Positif

    Hawa AC nyelecep antaré, ngajajap Lula parat tataharna. Nyayagakeun pangbagéa istiméwa. ‘Everybody Hurts’ ngagalindeng lalaunan, ngeusi rohang resik pulas pias. Wirahmana sumélékét, nyérésétkeun haté. “Tah, katingali hégar ayeuna mah, nya?” Nu anyar gék, imut. Kasép. Méh bisa nyumputkeun susurem matana. “Yah, dibikin happy aja, lah....”

    Sabulan katukang, cimata sémah badis walungan caah. Bedah, sabada lila katadah. Déprési. Harepan hirupna sajorélat pegat, katigas salambar berkas. “Positif!” Meuraykeun sakabéh impian ultah katujuhwelas. Pamustungan pupujuh dunya opat taun lilana, nu taya wates wangenna. Ladang ngalalana ti haroshos birahi nu hiji, ka renghap-ranjug tangkeupan-tangkeupan lianna. Ditalék sakumaha remenna, “Tiap hari!” témbalna. Binarung jarum-jarum ngumalayangkeun sukma. Indung-bapana, ka mana? “Pada mati, ‘kali!” pokna ka Lula, sangeunahna.

    Jam salapan peuting. Tirilik, hapéna disada. SMS dibaca, nyéréngéh bagja. “Gébétan baru, jadi ketemuan nih,” pokna bari imut. Kareueut nu népa-népa. Laju amitan, nganggeuskeun kontrol rutinna. Ninggalkeun Lula, nu nyawang jajaka satangtungan jenat anakna, indit nepungan sésa-sésa ambekanana.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi