• Hong!

    Dongéng Tukang Salak Meunang Hukuman

    Aya Tukang Salak asup ka hiji karajaan. Mawa daganganana maké tanggungan. Leumpangna, sawirahma jeung sora rancatan nu rerekétan. Témbong beurateun nakeranan. Tapi demi anak jeung pamajikan, teu dirasa. Tonggoy. Lumampah, sajeroning mentrang-mentringna panas poé. “Salaaak! Salaaak!” gorowokna.

    Reg. Eureun kahalangan ku nu patingbedega. Tilu punggawa jamotrot ngahalangan jalan liliwatan. “Heup, Mang!” ceuk salah saurangna. Tukang Salak teu majar kumaha. Ngécagkeun tanggunganana. “Hapunten, aya naon, Dén?” pokna. “Mang, naha teu nempo kana pangumuman ‘Aturan Raja’ di deukeut gapura asup tadi?” nu jangkung tumanya. Popolotot. “Henteu, Dén. Hapunten, Emang mah rumaos teu tiasa maca. Kumaha kitu, nun?” Tukang Salak mimiti terus rasa. Aduh, boa ngarempak aturan nu aya, ceuk pamikirna.

    Derekdek, pamingpin punggawa ngabéjakeun Palaturan Raja. Ahéng pisan, sakabéh tukang bubuahan dipahing asup ka jero nagara. Lamun nepi ka asup, baris dibéré hukuman beurat. Tukang Salak pias, najan teu rumasa salah. Ngayekyek kasieunan, komo diriung ku para punggawa gagah nu baradag awakna. Samagréng, sapakarangna.

    “Kapaksa, Mang, kudu meunang hukuman!” nu bedegul nyentak. Panggalakna. Tukang Salak, najan geus umuran, rék sahinghingeun ceurik. Nalangsa, niat usaha kalah meunang cocoba. Hukumanana geus kabayang pikanyerieunana: salak tilu siki kudu diabuskeun kana liang miceunna. “Nonggéng, siah!” nu kulitna hideung nyentak, bari ngabarkeun gadana. Tukang Salak gumeleter, nurut bari kasieunan. Ukur bisa sadrah tumarima.

    “Aduuuh!” Tukang Salak ngagoak, barang salak kahiji dibebeskeun. Nyerina kabina-bina. Punggawa téh aya ku telenges pisan, ceuk haténa nu jumerit kanyenyerian. Belesek, salak kadua. Beuki motah nyerina, matana beueus cimata. Gegerungan. Tapi barang rék dibebeskeun pisan salak nu pangahirna, dumadak Tukang Salak kalah ngabarakatak seuri semu nu ngeunah kacida. Punggawa tilu kotka colohok bingung nempona. Tukang Salak, nya ceurik nya seuri, teu eureun-eureun. Ngehkey, bari cireumbay.

    “Kalah seuri, satéh?” punggawa hideung ngahoak. Jep. Tukang Salak mengpet seurina. Tapi angger ngahéhéh bari ngusap cimata. “Kunaon kalah seuri?” tanya punggawa. Tukang Salak teu ngajawab. "Tuh!" ceuk manéhna, bari angger nonggéng, nuduhkeun ku curukna. Ti kajauhan katémbong aya nu rentang-rentang datang. Jalma kuru mawa tanggungan. Rukat-rekét sora rancatanana. Gumorowok. “Durééén! Durééén!” Tarik jeung cempréng kacida, tiba karunguna.

    (Kenging diwawaas ku Yuska Sadéwata, sumberna ti Dongéng Kang Ibing. Pikaseurieun, tapi ogé saenyana miboga ajén keur lenyepaneun.)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi