“Sina teu sakola, nya? Téga!” Gagah ébat luméngkah. Ngajeten. Hareup lawang pawon, nu geus lila cakueumna. Jep. Dordar pasosoré kasilih simpé. Sarénghapan. Beretek. Gagah malik. Ngabelesat, muru kamarna. Teu nolih lapar jeung nu nyoara. Panyaluk. Moal, ah, Mah, Agah moal nyampeurkeun. Pami aya Si Éta, kamari ogé -éh, minggon kamari kitu, nya, da tos lami- Agah kalah dipolototan. Sieun, Mah…!
Gap. Baju jagoan, kameumeutna. Enya, paméré Si Éta. Rap. Cukup kénéh, najan geus lila. Hadiah pangahirna. Mangsa cakakak jeung barakatak masih araya. Nyéh. Ngaca, ngagaya. Si Éta, baheula, sok ngarangkulan. Nyiuman. “Anak Papah, gaya…!” Gagah, gugurilapan sorot matana. Curinghak. “Jempééé!” Ngerepan, patémbalan. Ngarongkahan. Sada nu pareupeus. Nguntab-nguntab, nepi ka buruan. Jelebét! Jelebét! Tarik nakeranan. Hing. Tunggul rahayu ragrag deui cimata. Gagauran.
Sasari ukur ngahéphép, dirungrum sieun pohara. Kiwari, Gagah mudigdig. Bijil kawani. Tenang, Mah, Agah nu baris buméla. Luhureun méja, Superman ngabedega. Jalma dua, taranggah ka balkon loténg, mireng gumorowokna.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment