• Hong!

    Patepung Deui Jeung Gufron

    “Mas, sampéyan wis lali aku, yo?” Sorana peura, meuraykeun lamunan. Dilieuk. Neges-neges. Beungeutna, séréngéhna. Kerung. “Gufron, Mas…,” nikukur. Bruh-bréh, ingetan. Mangtaun katukang. Laju uplek sajajalan, badis timuna sobat nu lawas teu lawung.

    Urang Désa Béji. Saluhureun. Sakérah marhaénis pangdipikagimirna. Baheula, mangsa méh unggal peuting gorombolan jelema tumorojog maranggul dendam, kaceuceub jeung pitenah. Nyangkalak nu dicirian. Gufron, eksékutorna. Jagal telenges, gedé amprotan. Luméngkahna, mawa aweuhan malékal maut. Urat beuheung sapat geus teu kawilang, numbalan pakarangna. “Komunis mati!” Rajapati-rajapati. Anték Géstapo patingsoléngkrah. Réwuan. Getih dibayar getih. Pangadilan ngahiang.

    Béca, jumarigjeug kakapeungan. Ngageuleuyeung, nyorang jalan barohak wawaréhan. Rurat-rérét, nengetan kénca-katuhu. Pangling. Témbok-témbok jeung pager-pager, anyar dipulas. Barodas nyacas. Kantor-kantor, paimahan. Bareresih, ngubaran batin-batin nu peurih. Nyingraykeun reueuk kakeueung. Kota Marmer sumedeng ngawaluya.

    “Matur nuwun, Mas.…” Cumalimba. Mamandapan. Ongkos tilu ratus répés, dibayar sarébu jejeg. Kagagas, nganteur amitanana. Awak kuruna ngaboséh deui. Ilang sirna kagagahanana. Gap. Gurat tatu dina beuheung. Diusap. Ketir kénéh karasana.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi