Ngageleser, anca. Ngaliwatan dayeuh panineungan, janari leutik ieu. Biurna sawirahma kumolébat mangpirang carita. “Nggak bobo, Say?” Gideug, binarung imut. Méléngékeun kaca jandéla. Nyeuseup cumelecepna hawa. Nengetan sésa-sésa, di saban lurung nu diharudum simpé. Mobil motor hiji dua, mangsa réwuan rasa dumadak pagaliwota. Rusras. Ténda angkringanana, kopi jossna, sego kucingna. Marakbak lampu-lampu Malioborona.
Teg. Deukeut pos pulisi nu nyamuni suni. Harita. Nyisi, na trotoar éta. Giak ngajak, muru tengah-tengah parapatan. “Difoto heula atuh, Néng. Kanggé kenangan…!” Sapertos abégé waé, cekéng. Panolak, nu taya guna. Gep. Sadrah, kana panuyunna. Jeprét, jeprét. Potrét-potrét nu rada rumeuk téa. Duaan, nyarandéan Tugu Jogja. Nyaliara kénéh, haneut keukeup geugeutna. Teu laas, ti mangsa ka mangsa.
Waktu, nu tuméga. Tugu, kiwari béda. “Dulu, boléh foto-foto sambil nyéndérin Tugu, lho, Say.” Enya. Tapi rék majar kumaha? Tinggal kingkinna. Dipahing diusap deui. Dipageran, ditamanan. Éndah, tapi aya hahalangna. Cagar budaya? Ah, cagar asmara! Kaduhung, teu ménta ngaliwatan Ringroad Utara….
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment