• Hong!

    Nu Dipapag Lebah Pudunan

    Pabeubeurang. Mentrang-mentring. Beus ‘Sabar Utama’ ngageuleuyeung. Neureuyan angin nu ngahéboskeun hawa ngelekeb di jerona. Ngosong. Eusina kurang ti satengahna. Juhri ngaregot. Inuman ngageleser na tikorona. Ngarérab, mawa buringhas. Nyetirna ngahampangan deui. Rét. “Tiiseun deui, Cuy!” Anduk kuleuheu diusapkeun kana beungeutna. Nu dirérét henteu lémék. Gap. Ngahanca sésa inuman. Buncelik. “Jiiir!”

    Adun mingkin guligah. Élékésékeng. Pamajikanna di Panjalu gering deui. Kapidara mulang mandi, ceuk iber nu katampa kamari. Maksakeun balik, najan duit ladang ngajongko can sabaraha. Lahlahan, geus teu mikiran waragad tatamba. Rusras ka barudak, laleutik kénéh. Ngaheruk, basa ampir tijeduk. Lebah péngkolan, na pudunan Nagrég. Sakur nu mudun ngarandeg. Éntép-éntépan. “Aya naon ieu téh, nya?” Sirahna nolol na jandéla tukangeun supir. Gogodeg. Macét!

    Motor forider bodas sadua-dua. Patingbelesat nanjak ti lebak. Nengah. Ngahiungkeun sirineu pamirig nu ngajorélat mapag. Basa Adun sepa, calangap. Basa Juhri elat ngagentak. Cekit erém beusna jumerit tarik. Nyalipna ébat, kaganti ngararad kaca-kaca élf Bandung-Panjalu nu paburantak.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi