“Selam satu, kulit satu, ya, Mbak,” Diah norolang hareupeun méja kasir, “yang satunya lagi, selam satu, kulit satu, lonjor satu, ya!” Kasir unggeuk, nanyakeun inumeunana, laju tapis ngitung angka-angka. Kencréng dibayar.
Teu lila tutas gék. Pesenanana dianteurkeun. Lengkep. Téh botolna dua, ogé gelas-gelas nu diésbatuan. Marahmay, unggeuk nganuhunkeun. Lugina. Sab David pasti béda semu mun pesenan elat datangna. Sok pok deui pok deui, nungguan lila téh pagawéan sia-sia, cenah. Diah tara miroséa kukulutusna. Kalah anteng neuteup jajaka kasép pupujan haténa. Beubeureuh nu biru socana, umyang rambutna, bodas pakulitanana. Nungguan mpék-mpék mah pangasikna wéh, da bari niténan usik lambey beureumna. Ah, David….
Mpék-mpék langganan téh rasana taya robahna. “Siga rasa cinta kuring…,” Diah pernah nyarita kitu ka Néna, sobatna. Enya, angger sakabéhna. Konsistén. Boh selamna, kulitna, lonjorna, komo rasa lada cukana. Pengkuh dina rasa nu sarua. Anteb ti mangsa ka mangsa. Manéhna imut. “Dituang, Honey!” pokna, bari neuteup korsi kosong hareupeunana.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment