• Hong!

    Demi Mang Darma

    Isuk-isuk. Bungah, nyérangkeun Mang Darma datang. Umur limapuluhan, sumanget gawé tanding nonoman. Maneuh jujualan, hareupeun padumukan. Koran-koran rapih diteundeunan, sangkan kasawang. Tangginas, soméah. Tara sungkan nyampeurkeun, badis tukang asongan, mun digupay langganan-langganan. Najan cicingkudan, urut tabrakan.

    Mangkukna, Si Budayut datang. Juragan jegud nu méh peureum paneuleuna. Anyar meuli imah satukangeun. Pakarepanana, rék dijieun minimarket, siga nu di tungtung jalan. Tutunjuk, tutah-titah. Pajar padumukan ngahalangan. Kacung-kacungna unggut-unggutan. Sayaga sapakarang-sapakarang.

    “Wani-wani satéh, nya? Ké heulaanan!” cekéng, ngagorowok. Mudigdig. Gilig rék ngalawan. Najan, kéhédna téh, suwung nu ngabélaan. Balaréa simpé, hare-haré. Nu diseragam umat-imut amitan, rérés panéken jeung diamplopan. Rusras ka tatangga-tatangga lawas. Parindah ka pasisian. Imah-imahna saralin rupa, jadi ruko beton sakabéhna. Heureut. Bayeungyang. Iuh-iuhan geus lila musna.

    Taki-taki. Barabat, mapatkeun kabéh jajampéan. Jleg. Sebrut, miheulaan.

    Mang Darma tonggoy bébérés. Gemet. Paromanna ihlas, teu nyampak sésa kareuwas. Tanggah. Ngabelenyéh. “Kesurupan, Bos Minimarket Batalkan Penebangan Pohon Kihujan”, na headline koran lokal.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi