• Hong!

    Haréwos Bangku Péron

    “Abdi ngiring, nya?” Dumareudana nyasaak dada. Aya gulidag rasa, nu katahan ku cumalimba. Manéhna. Ngahulag cengkat. Ngandegkeun indit, dina silih ranggeumna réma-réma. Renghap-renghap kamelang. “Moal tiasa, Sweetheart….” Hampura, Geulis, aya udagan nu hamo disinglar. Kawajiban. Cangreudan. Gurat wanci mustari, natrat sapanjang rél waja tuméga.

    “Iraha atuh tepang deui, Honey?” ceuk manéhna. Sadrah, kapaksa. Nyarandékeun harepanana. Pananya nu ngoléangkeun jiwa. Ditémbal walon teu kedal. Rumohpoy, ku seungit makuta kageulisanana. Pagégéyé, dipépéndé kasimpé haté.

    Taya iber pasini, dina saban halon humaréwosna bangku péron. Rumahuh, unggal-unggal mangsa budal. Poé ieu. Haté angger ngarangrangan. Nyandang harepan pulas koléas, tengahing cakrawala sumedeng béngras. Panyawangan. Taya bédana. Tuh, di ditu. Gumulung méga éndah katresna, minda rupa bangbaluh kayas.

    Jung. Maksakeun awak nu kabeungbeuratan horéam. Lieuk deui. Imut, unggeuk. Pateuteup-teuteup geugeut. Cinta, awor jeung lara. Dua jiwa nu katali rasa, ngawayahna. Sabiasana. Benang asih katigas kumiceup sinyar. Ngantengna ukur sakatimuan, éndahna teu biluk lana. Sajorélatan pegat.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi