“Koh, ikut ke atas, nggih?” Urusan meuli kuas, kanvas lukis, cét, diécagkeun heula. Lieuk. Juragan toko nyéréngéh. Lain nyaram, walonna. Poéan kirab pangantén Karaton Jogja. Lamun Ngarso Dalem ngaliwat, teu sahulu-hulu acan diwenangkeun mucunghul ti pabalkonan. Lah, aingah. Malioboro. Balaréa nguyek, réwuan. Nyaraksian. Heurin, teu nolih mentrang-mentring. Pasesedek, kénca-katuhueun jalan. Kagok asong, lahlahan.
Meg. Ébat luméngkah. Paneuteup euntreup kana roman kareueut. Gumenclang, moal kasamaran. Cureuleukna, gelenyuna. Kumolébat. Widadari ti antara mangratus rélawan aksi. 2006, Imogiri. Poé-poé kumetir, nyakséni rongkahna titinggal lini. “Demi kamanusaan, Kang, pasaduluran…,” gumalindengna. Éndah. Silih ngingetan, nyumangetan. Binarung ligarna trésna, sabada réwuan purnama hapa. Deukeut, geugeut. Hanjakal, tiba rék kedal, kakasih dumadak budal.
“Geuning, Akang sumping?” Pangbagéana dipirig kedepruk Bregodo Pakualaman. Marahmay, najan kapanasan. Muka payungna dihulag ku panitia. Ranggeuman leupas. Amit ngiuhan, seselendepan. Pleng. Témbong deui, ngageuleuyeung. Nyorangan, jero karéta pangantén. Imut manis, cumurucud citangis. Kumeclak na sinjang nu baloboran. Patrem nyeceb, megatkeun cinta jeung mangsa.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment