Isuk-isuk. Duaan, cinutrung diharudum sarung. Nyanghareupan balong, tukangeun imah, bari nungguan ngecrekna hujan. Teu raat-raat. Bah Selud jamedud. Kutuk gendeng. "Nanahaon cenah, Juha, maké jeung gareunjleung kitu? Pilakadar urusan disadap, kotka haliwu sanagara. Jol itu, 'disadap', jol ieu, 'disadap'. Karereng, kawas nu panggagahna. Huh, cua, aingah!"
Juha ngarérét. "Jih, nya kudu ambek atuh urang téh, Bah! Maenya cicing waé disadap Ustrali?" pokna, laju nyerebungkeun haseup ududna. "Alaaah, gandéng! Ustrali, Ustrali…," Bah Selud buru-buru némpas, "déngékeun, Juha, mangtaun-taun aing nyadap ogé, sugan jadi pasualan…, sugan aya nu geruh…, teu!" Kituna téh, Bah Selud bari jeung pepeta. Daria.
Juha ngarahuh. Cilaka ieu mah, gerentesna, kumaha ngajelaskeunana? Kakara gé rék engab pisan… beletak! Sirah Bah Selud aya nu nénggor ti jero. Nenggel. Gula kawung ngecemplung asup ka balong. Bi Empat, pamajikanna, keur prakprikprek di pawon. Ngagorowok, “Aiiing, siah! Aiiing nu geruh! Kawung deukeut imah Si Hérang nu disadap waé téh, liiin? Heueuh?” Jep.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment