Mulang ti tengah kota Jogja, samenit saméméh nepi ka padumukan, di palebah Dusun Klajuran patalimarga bet ramé pisan. Aya naon, nya? Tétéla, acara 'Ngayogjazz 2013' nu nyababkeunana. Ti tadi beurang éta téh karasana, da panongton meureun harita mimiti daratang samobilna-samobilna. Para pamuda dikaos beureum méré aba-aba keur nu rék muru ka tempat acara.
Peuting ieu, jumlah mobil sigana puluhan mah aya, diperenahkeun di lapangan sepakbola. Motor mah komo deui kacida lobana, nepi ka minuhan parkiran-parkiran nu diurus ku para pamuda. Buruan-buruan paimahan jadi lahan meunang rejeki dadakan.
Sigana réwuan jalma nu ngahadiran acara téh, basa ahirna -ku panasaran- simuing milu méngkol heula ka Desa Wisata Sido Akur, tempat pagelaranana. Matak kayungyun, ku sabab panitia bisa ngajak para pihak, sangkan daria midangkeun ieu acara. Masarakat kabagian mangpaatna, ku nyieun lahan parkir atawa jujualan rupa-rupa kadaharan, nu nongton lugina tepung jeung ajén musik nu dijugjugna, promotor bungah targét pasar nu dipiharepna témbong riab.
Ramé pisan kagiatan téh, tapi tertib jeung aman. Resep wéh nu aya, mapayan ti panggung ka panggung séjénna. Nu keprok, nu tonggoy ngabetotan bass, nu ngahitar, nu nabeuh drum, nu jaga stand roko, nu malotret, nu balawiri, nu pribumi, nu bulé, pokona sagala aya. Pengunjung ngaleuya. Lima panggung nu jadi magnét pemetot ngarumpulna balaréa. Hadéna teu hujan, teu girimis-girimis acan.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment