Isuk ieu mah kuring kudu meunang! Piraku unggal poé éléh ku dunungan? Kabeneran Indung rék mulang, jadi aya jalan. Gasik indit ti imah rebun-rebun. Tabuh lima, rérés nganteurkeun ka Stasion Gambir, buru-buru mobil ngabiur ka kantor Setneg.
Teu nyangka, bakal ngawulaan dunungan siga Anjeunna, nu dibenum jadi Menteri Sekretaris Presidium Kabinet dina tanggal 27 Maret 1966 di Istana Negara. Matak hélok tuda. Poéan kahiji tutas dilantik ku Bung Karno, Anjeunna mah geus sumping ti isuk mula. Rarasaan, kuring datang geus merenah waktuna. Tabuh tujuh isuk nepi ka tabuh dua beurang, jadwal ngantor téh. Kuring geus anjog saméméhna. Ari heug, barang nepi, “Selamat pagi, Mas Dharto…!” Ah, matak reuwas jeung éra! Kapiheulaan!
Reg. Mobil geus nepi. Kuring muru ka kantor. Lugina, dunungan can datang. Poé ieu kuring meunang! Kalaksanakeun, ngabagéakeun kasumpingan Anjeunna, pingpinan nu matak kayungyun kadisiplinan jeung kasoméahanana. Paréntahna wijaksana, dibarung imutna, “Mas Dharto, bésok datang seperti biasa saja, ya!”
(kenging: Yuska Sadéwata, ideu: Pangalaman Soedharto Martopoespito, sespri alm. Hoegeng Imam Santoso, nu diserat dina buku "Hoegeng: Polisi dan Menteri Teladan" karya Suhartono, nu dikutip ku detik.com, foto: wikipedia)
No comments:
Post a Comment