Matapoé ngampih, satukangeun kelemeng gurat cakrawala. Sumber cahya kahirupan. Mulang, nunutur layung nu pundung. Nitih wanci. Beurang kasilih ronghéap peuting. Dipirig langlaung adan ti madhabpapat, gumerendeng wirid ti saban pangsujudan, patémbal-témbalna dikir sakabéh ciciptan. Mapag anca kumarayapna poék. Nu ngarungrum, ti kampung ka kampung. Bruy-bray, lampu-lampu paimahan.
Ais ngécagkeun baki . Maneuh. Cientéh manis, panas. Sinarieunna, bala-bala haneut. "Magrib,“ pokna, “tos lebet taun énggal deui, Abi…." Kumolébat. Imut. Liuh. Lalaki, anu kopéahna, baju kokona, sarua bodas nyacas, gurat-gurat sarungna mangpulas-pulas. “Leres, Umi,“ Ihsan, salakina, ngawalon héman, “muga-muga wéh, urang sing leuwih hadé taun ieu, gedé milik panjang rijki….” Ais marahmay. “Aamiiin, Abi….” Suruput. “Alhamdulillah….”
Taun kalima. Marengan Ihsan nyumringah, mapag taun hijrah nu anyar. Pangeling-ngeling, pokna, mun Ais tumanya. Kanyantrianana, kadeudeuhna, taya laasna. Kataji, reueus. Satiaaneun. “Ais hoyong sasarengan dugi ka sawarga!” Patékadanana. Natrat. Ti isuk ka isuk. Najan kiwari eusi gelas angger pinuhna. Cientéh, tiis. Saban ditilar luméosna peuting.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment