• Hong!

    Sépti

    Sépti ngarenghik waé. “Hayang léptooop, hayang téééb, hayang éndroiiid!” pokna, kasaratuskalina. Kumeukeuh. Hayang bisa éksis gaul, cenah, alesanna. Abahna ngaheruk. Bororaah ngawaragadan nu kararitu, keur sapopoé ogé, unggal-unggal kurang jeung kurang baé. Pagawéanana ukur tukang cukur, ngurilingan lembur-lembur. Katulungan panasibanana, tutas abus acara ‘Urang Pasisian’ di TV Tilu.

    “Lain nyanyi atuh, ka ditu jadi artis?” bapana jol ngagantawang, “loba kampanyeu, sugan meunang salapan ratus yuta!” Hing, ceurik deui. Nyuksruk. Indungna kumolébat. Emh, bagja meureun Ambu, gumerentesna. Pipirakan. Ambu lumpat jeung pajabat. Dikawin siri rerencepan. Pamahugina apartemén, Lamborghini, imah spa, polis milyaran. Nelah ‘Bunda Surti’ kaayeunakeun. Sohor. “Milu waé, yu!” pangajak Ambu harita. Dibibita, rék diwanohkeun ka anak panggedé-panggedé. Sépti nampik, teu ngabilukan. Wegah dijodo-jodokeun. Kabeungbeuratan beubeureuh haté, Cép Samad, anak Pupuhu DPC Partéy Rungkad Kacamatan Cihambalang.

    “Geus, tong ceurik waé….” Abahna nyampeurkeun, ngaleuleuyan. Ngusapan deudeuh. Méré harepan. “Pagéto, mun jadwal mangkas di Cikéas, Abah rék minangsaraya, nya. Sabar... jep, Geulis….”

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi