• Hong!

    Tarékah Japar

    “Punten, Kang, tetep moal tiasa….” “Maksudna?” Japar tumeugeug. Pamencrongna mingkin kiruh. “Kebijakan ti Pusatna kitu, parkir kedah bébas biaya. Pami ditarip….” Brak! Japar mudigdig. Pilakadar mayar parkir, naon susahna? Jalma-jalma nu rék dalahar téh marawa mobil. Teu malarat siga manéhna jeung balad-baladna, nu hirup di jero gang, puluhan méter ti gumenclangna résto kelas dunia.

    “Sabar, sabar..., tong maké kekerasan atuh! Perlu manggil pulisi ka dieu?”

    Jung, sakilat nangtung. Tutunjuk. “Aing teu sieun, Kacung Kapitalis! Mun aya nanaon ka aing, teu masalah! Aing teu boga pamajikan, teu boga anak, teu boga nanaon. Imah gé boga kolot, rék disita. Tapi, pikiran! Mun aya nanaon ka manéh… saha nu maraban anak pamajikan, hah? Saha nu mayaran nyalon? Saha nu ngabiayaan budak di… naon? Sekolah Internasional? Cuh!” Ngahalonan, ngaharewos. “Jeung… saha nu rék ngurusan Apartemen Tirta R-8A? Kabogoh, tatéh?” Japar ngagakgak.

    Sepa. Pa Ménéjer nyangsaya. Ngageter, bébéja ka bosna.

    “Mangga, Kang… badé iraha ngawitanana?”

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi