• Hong!

    Mapag 2014

    Taun anyar, rentang-rentang. Suling tangara saémbara gulak-gelik ti mangkukna mula. Mangpirang bebegig tatan-tatan. Nyaralon, ngagaraya. Meusmeus kana sisir, minyak seungit melenghir. Dumadak baréréhan. Saroméah bébéakan. Teu kitu kumaha? Kabéh ngincer Gentong Karamat, pusaka Senayan. Paheula-heula meunangkeun seureuh panglobana, meunang paméré salambar sajalma. Tisuksruk tidungdung, béak déngkak pada narékahan. Tatu bohak teu dirasa. Ariatna. Sawaréh mah ngélmu ajag, gawé babaréngan téh seja meruhkeun macan. Aya ogé nu nyecebkeun baliho di unggal parapatan. Sawaréh deui mahugi ku munding mangpirang-pirang rakit. Ragot. Silihudag, silihéléhkeun. Kalan-kalan silihpepeg, silihbantingkeun. Dordar. Tingkocéak, tingjarungkel. Pamustunganana, nu nyésa maluntir kawas ‘na korsél. Najan lelet, tapi teu ka marana-mana.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi