Bral, anjeun miang, Brian O’Conner. Teu nyangka bakal kitu jadina geuningan. Mana kitu gé mémang geus tepi kana waktuna. Ajal teu kawengku ku waktu, umur jeung kaayaan, bisa tumiba iraha waé, di mana waé, jeung kumaha waé cara datangna.
Paul Walker (40), aktor nu merankeun Brian O’Conner, nemasing pati dina kacilakaan anu rohaka, di Santa Clarita, samangsa rék nedunan acara pengumpulan dana amal, mangrupa paméran mobil keur nyumbang korban angin topan Phillipina. Mobil supercar Porche GT-na rangsak paburantak tutas neumbrag tihang kabel terlegraf. Ieu aktor keur milu dina mobil babaturanana, nu sarua tumpur dina éta kajadian.
Walker lahir di California, miboga opat dulur. Mimiti tandang di umur 2 taun, nalika midang jadi béntang iklan pampers. Manéhna jadi béntang pilem nu gumenclang, utamana sabada sekuel “Fast and Furious” jadi box office, suksés dilalajoan di mana-mana. Dina pilem-pilem éta, manéhna jadi partner Vin Diesel (merankeun Toretto) jeung para pemeran lianna. Pilem panungtungna “Fast and Furious 6” pinuh ku adegan aksi kebut-kebutan, kacida ngahibur jeung matak wareg ka nu nongtonna. Durasina panjang, garapanana matak hélok jeung kumecrék, rohaka beledag-beledugna. Boh alur caritana, sinématografina, jeung éfék-éfékna matak puas ti awal ka ahirna.
Kiwari, sekuél "Fast and Furious" geus kaleungitan salah sahiji béntang utamana. Walker miang ka kalanggengan dina mobil superméwah, siga nu sok ditumpakan ku manéhna, dina pilem-pilemna.
No comments:
Post a Comment