• Hong!

    Nu Satia

    Rohang Pariksa. Peuting ngungun éta. Manéhna marojéngja. Guligah nungguan. Salakina. Mangpoé-poé teu bisa saré. Paroman pias, awakna panas. Loba bohak na taeunna. Bororaah niup suling, geus teu sanggup ngahéot-ngahéot acan. Pikahariwangeun.

    Jas Bodas ngagero. Ngelol ti tukangeun hordéng kulawu. Ngagupay. "Cobi tingali!” Nuduhkeun salakina nu humarurung. Geuneuk, lebah étana. “Yakin. Seueur teuing nyeuseup gentong, ieu mah!" Manéhna sepa. Pangrasana, kabéh geus dipalidkeun dina rakit, harita. Boa salakina meuli deui, basa nganteur budak numpak korsél téa? Cilaka! Paingan sumringah pisan.

    "Obatna dileukeunan. Mamaras ajag tilu kali dua sadintenna. Kulit bebegig dikompréskeun nurunkeun harééngna." Manéhna unggeuk. “Oh, kadé…,” semu kaingetan, “tebihkeun tina ngaca! Sanaos aya ‘Pekan Sisir Nasional’ ogé!” Teg, beuki terus rasa. Ubar gasik hampang dibayar. Waragad mah lain masalah. Seureuh manglambar-lambar, hareuras kénéh badis tapak ngistrika, metet ‘na lokétna. Amitan mulang. Salakina satengah dipayang. Jajarigjeugan.

    “Ngaku, Kang! Ngakuuu!” Manéhna nyetir bari inghak-inghakan. Asa diteungteuinganan. Tutumpakan. Nyemprung na lulurung ka Pajaratan.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi