Wanci bada isa. Pasar malem témbong baranang. Alun-alun kacamatan, wétan parapatan Pagadéan. Dumadak haliwu. Jalma-jalma pabéja-béja. Guyur. Aya selebriti ibukota datang. Sohor. Geulis camperenik. Putri Ajag. Paromanna ngadaun seureuh, gumenclang. Dibaju modis mereketetet, boboléklakan, perhiasan hurung-hérang. Tumpak korsél bari nyenyekel sisir. Semu lugina nakeranan, humariring kakawihan. Tonggoy angkleung-angkleungan, milu muntir na kukudaan. Umat-imut. Teu nolih ka nu ngagimbung mingkin ngaréaan. Pada kumecrék, uruy ku tetempoan.
Éak-éakan. Pamirig ringkang nu datang. Nyeuaykeun nu uyek-uyekan. Mucunghul ti lebah cakueumna Balé Pangsujudan. Ébréh. Bebegig nu bitisna pinuh ku bohak. Mamawa suling, réréngkénékan. Gajleng, ka gigireun nu keur nyisiran. “Néng…, matak kayungyuuun, dékh! Kersa dipiasih ku Akang? Munding juhlas rakit tos sayaga kanggo ngamaharan!"
"Ih, alim munding, komo sapi, Akaaang! Sieun…!" Halimpu, ogo. “Palayna?” “Cekap gentong hiji…,” binarung dilak nu matak runtag, “nanging eusina kedah cekap ngawaragadan operasi pelastik urang duaan, ka Koréa!” Buntutna kupat-képot. “Gampaaang! Bérééés!”
Ger, sarurak. Aweuh-aweuhan. Éar. “Piliheun urang isukan!”
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment